Beranda 3 Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Penyakit Hati untuk Muhasabah Diri
ADVERTISEMENT

3 Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Penyakit Hati untuk Muhasabah Diri

20 jam yang lalu - waktu baca 12 menit
Ilustrasi khutbah jumat | Rumman Amin/Unsplash

Khutbah Jumat kerap menjadi ruang pengingat bagi umat Islam untuk kembali menata diri, bukan hanya secara lahiriah, tetapi juga batiniah. Khutbah bisa disampaikan dalam bahasa apa pun, salah satunya bahasa Sunda.

Salah satu tema yang sering diangkat dalam khutbah berbahasa Sunda adalah penyakit hati. Topik ini penting untuk dibahas sebagai bahan refleksi atas dosa-dosa yang timbul akibat penyakit hati.

Warginet, penyakit hati seperti iri dengki, sombong, riya, dan ujub dipandang lebih berbahaya dibanding penyakit fisik. Hati yang rusak dapat menggerogoti keikhlasan ibadah, merusak akhlak, bahkan menjauhkan manusia dari nilai-nilai ketakwaan yang diajarkan Islam.

Artikel ini akan menyuguhkan tiga contoh teks khutbah berbahasa Sunda tentang penyakit hati yang dapat dijadikan sebagai bahan untuk muhasabah diri.

Kumpulan Contoh Teks Khutbah Bahasa Sunda tentang Penyakit Hati

Contoh 1: Bahayana Sifat Iri Dengki

Khutbah I

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِي أَنْعَمَ عَلَيْنَا وَهَدَانَا إِلَى دِيْنِ الْإِسْلَامِ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اَلْمَلِكُ الْعَلَّامُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْأَنَامِ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدِنِ النَّبِيِّ الْأُمِّيِ الَّذِيْ دَعَانَا إِلَى دِيْنِ الْمَلِكِ الْعَلَّامِ ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ عَلى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَالْأَيَّامِ . اَمَّابَعْدُ: أُوْصِيُكُمْ عِبَادَ اللهِ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ وَأَحُثُّكُمْ وَإِيَّايَ عَلَى طَاعَةِ اللهِ وَعَلَى طَاعَةِ رَسُوْلِهِ فِي كُلِّ وَقْتٍ لَعَلَّكُمْ تُقْلِحُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ. وَإِن يَكَادُ ٱلَّذِينَ كَفَرُوا۟ لَيُزْلِقُونَكَ بِأَبْصَـٰرِهِمْ لَمَّا سَمِعُوا۟ ٱلذِّكْرَ وَيَقُولُونَ إِنَّهُۥ لَمَجْنُونٌ.

Hadirin jamaah Jum’ah Rahimakumulloh,

Hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Alloh Subhanahu wata’ala, ku ngalaksanakeun sadaya parentah-Na sareng nebihan sadaya larangan-Na. Margi, takwa téh mangrupi bekel anu panghadéna kanggo urang boh di dunya atanapi di akherat.

Dina kasempetan khutbah ayeuna, hayu urang sami sami lenyepan dawuhan Alloh Subhanahu wata’ala dina al Qur’an Qur’an suroh al-Qolam ayat 51:

وَإِن يَّكَادُ ٱلَّذِينَ كَفَرُوا۟ لَيُزْلِقُونَكَ بِأَبْصَـٰرِهِمْ لَمَّا سَمِعُوا۟ ٱلذِّكْرَ وَيَقُولُونَ إِنَّهُ لَمَجْنُونٌ

Hartosna: “Hampir waé jalma-jalma kafir nyilakkeun anjeun (Muhammad) ku panon maranéhna, nalika maranéhna ngadenge aosan al-Qur’an (dzikir), sarta maranehna ngomong: saenyana manéhna (Muhammad) teh jalma gelo.” (al Qolam:51)

Jamaah Jum’ah Rahimakumulloh,

Dina ayat nembe Alloh ngajelaskeun ngeunaan bahayana panon anu hasad (iri dengki). Nyaéta Jalma-jalma kafir nalika ningali Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wasallam nuju dzikir, tuluy haténa pinuh ku kadengkian, nepi ka hayang nyilakakeun Nabi ku panonna, ku niat goreng jeung rasa hasad.

Iri dengki téh panyakit haté anu pohara bahayana. Hasad bisa ngarusak iman, bisa ngaleungitkeun pahala amal, sarta bisa nyababkeun cilaka ka diri sorangan atawa ka batur.

Rosululloh ngemutan ka umatna dina salah sawios hadisna:

إِيَّاكُمْ وَالْحَسَدَ، فَإِنَّ الْحَسَدَ يَأْكُلُ الْحَسَنَاتِ كَمَا تَأْكُلُ النَّارُ الْحَطَبَ

Hartosna: “Sing waspada aranjeun tina sifat hasad, sabab hasad téh ngadahar kahadéan sakumaha seuneu ngadahar kai garing.” (HR. Abu Dawud)

Ku kituna, urang sadaya kedah ngabersihan haté tina rasa iri dengki, sarta ngeusian haté ku dzikir (eling ka Alloh), syukur jeung ridho sahingga janten husnudzon ka Alloh Subhanahu wata’ala.

Jamaah Jum’ah Rahimakumulloh,

Soca téh sanes mung saukur alat ningali, tapi ogé tiasa janten sabab datangna cilaka lamun henteu dijaga ku iman. Ku hal sakitu, urang dianjurkeun sangkan salawasna nyuhunkeun perlindungan ka Alloh tina sagala kajahatan, boh anu katingali atanapi anu teu katingali. Kangjeng Rosul tos biasa ngadoa perlindungan pikeun dirina sareng umatna, sakumaha dawuhana dina hadisna:

أَعُوذُ بِكَلِمَاتِ اللَّهِ التَّامَّاتِ مِنْ شَرِّ مَا خَلَقَ

Hartosna: “Abdi nyuhunkeun perlindungan ku kalimat-kalimat Alloh anu sampurna tina sagala kajahatan makhluk-Na.” (HR. Muslim)

Jamaah Jum’ah Rahimakumulloh,

Urang parantos uninga yén hasad jeung panon dengki téh nyata ayana sarta pohara bahayana. Kumargi kitu, aya sababaraha sikap anu kedah ku urang lakukeun dina kahirupan sapopoé;

Kahiji, nguatkeun iman jeung takwa, sabab iman téh benteng pangkuatna tina sagala kajahatan.

Kadua, sing loba dzikir, sabab dzikir téh cahaya jeung panyalindungan pikeun jalma mukmin.

Katilu, ulah resep ngabanggakeun nikmat dipayuneun jalmi anu teu dipikawanoh haténa, sarta salawasna ucapkeun: masyaa Alloh wal hamdulillah minangka tanda syukur ka Alloh.

Kang Rosul ngadawuh:

إِنَّ الْعَيْنَ حَقٌّ

Hartosna: “Saestuna pangaruh panon (ain) téh nyata aya.” (HR. Bukhori jeung Muslim)

Jamaah Jum’ah Rahimakumulloh,

Supados urang tiasa janten hamba Alloh anu bersih manah, maka tebihan tina sifat dengki, sarta salawasna ngajaga ukhuwah Islamiyah, sahingga ku bersihna manah urang sadaya ku seueur dzikir, manah janten tenang pikiran caang rezeki gampang.

Mugia Alloh ngalimpahkeun ka urang sadaya kasalametan, kabagjaan, sareng rahmat-Na di dunya sareng di aherat. Aamiin.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِذِكْرِالله ِوَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ .اَمَّابَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَتُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ. رَبَّنَااَتِنَافِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

(Disadur dari PCNU Cilacap, diunggah oleh Imam Hamidi Antassalam)

Contoh 2: Cara Ngabedakeun Hate Nu Sehat, Gering, Sareng Paeh

  Khutbah I

  الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، الَّذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ وَمَا أَخْفَاهُ، الْمُتَكَفِّلُ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلاَ يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَاأَعْطَاهُ. أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ   

 أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكٌمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ ﴿ يَوْمَ لَا يَنْفَعُ مَالٌ وَلَا بَنُونَ ، إِلَّا مَنْ أَتَى اللَّهَ بِقَلْبٍ سَلِيمٍ ﴾، وَقَالَ: ﴿ فِي قُلُوبِهِمْ مَرَضٌ فَزَادَهُمُ اللَّهُ مَرَضًا وَلَهُمْ عَذَابٌ أَلِيمٌ بِمَا كَانُوا يَكْذِبُونَ﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh  Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu kedah dikedalkeun ku urang sadayana di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji syukur ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu maha nyiptakeun sareng maha ngatur sadayana alam. Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang dugika waktos ieu pisan, terutami ni’mat taufiq sareng hidayah. Sahingga urang tiasa kempel di tempat anu mulya ieu dina raraga turut tumut kana salah sawios parentah-Na nyaeta solat jumah berjamaah.

Sholawat sareng anu utama mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, yakne Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat ka sadayana alam. Sholawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabiin, sareng para tabi tabiin, dugika urang sadayana anu ngarep-ngarep syafaatna di yaomil jaza.

Hadirin sadayana

Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib bade wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka sadayana sidang jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya sareng akherat. Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga ngajalankeun paranteh Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia urang sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Alloh swt. dina sagala laku lampah urang sadayana.

Hadirin anu imulyakeun ku Alloh

Sakumaha anu kauninga, hate jalma teh kadang sehat, gering, kadang mah  paeh. Parahna deui, gering jeung paehna hate teu kanyahoan ku nu bogana. Eta akibat nu boga hate teu apal tanda-tanda sehat, gering jeung paehna hate. Maka hal eta, urang sadayana kedah terang kumaha ciri-ciri nalika hate sehat, gering jeung paeh?

Sateu acan kana ciri masing-masing, urang tingal heula dalil-dalil Al-Quran anu nunjukkan rupa-rupa kaayaan hate tadi.

Sehatna hate ditunjukkeun ku ayat di handap ieu:

يَوْمَ لَا يَنْفَعُ مَالٌ وَلَا بَنُونَ ، إِلَّا مَنْ أَتَى اللَّهَ بِقَلْبٍ سَلِيمٍ  

Hartosna, “(Nyaeta) dina poe dimana harta jeung anak-anak lalaki teu aya gunana, kacuali jalma-jalma anu mayun ka Alloh kalayan nyandak hate anu sehat (bersih),” (QS. Asy-Syu‘aro [26]: 88-89).

Salajengna, geringna hate digambarkeun dina Al-Quran ngalangkungan ayat di handap ieu:  

 فِي قُلُوبِهِمْ مَرَضٌ فَزَادَهُمُ اللَّهُ مَرَضًا وَلَهُمْ عَذَابٌ أَلِيمٌ بِمَا كَانُوا يَكْذِبُونَ  

Hartosna, “Dina hate maranehna aya panyakit, teras ditambah ku Allah panyakitna; jeung keur maranehna siksa anu beurat, disababkan maranehna ngabohong,” (QS. Al-Baqaroh [2]: 10).

Terakhir, kaayaan hate anu paeh digambarkeun dina Al-Quran ngalangkungan ayat di handap ieu:  

 خَتَمَ اللَّهُ عَلَى قُلُوبِهِمْ وَعَلَى سَمْعِهِمْ وَعَلَى أَبْصَارِهِمْ غِشَاوَةٌ وَلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيمٌ  

Hartosna, “Allah parantos ngonci-mati hate maranehna, jeung pengreungeu maranehna, oge paningali maranehna ditutup. Jeung keur maranehna siksaan anu kaliwat beratna,” (QS. Al-Baqarah [2]: 7).

Hadirin anu mulya

Kedah kauninga ku sadayana, hate anu gering moal ngaraoskeun peurihna kamaksiatan, moal ngarasakeun nyerina kabodoan, oge moal ngarasakeun batalna akidah.

Sanes kanten ti eta, hate anu gering kacida antina kana paitna obat. Naon ari obatna hate anu gering? Obatna hate anu gering teh nyaeta nasehat, dzikir ka Alloh, ngaos Al-Quran, nyeueurkeun solat wengi, sareng seueur bergaul jeung jalmi-jalmi anu soleh. Hanjakal, hate anu gering mah teu hoyongeun caket jeung obat-obat nu tadi. Tibatan hayang cageur, leuwih tahan sasarengan jeung panyakit sanajan eta panyakit teh mingkin ngaruksak kana dirina.

Sabalikna, ari hate anu sehat mah bakal ngarasakeun nyerina perkara-perkara tercela anu datang ka manehna. Hate anu sehat mah bakal ngarasakeun peurihna kabodoan jeung bakal nganyahokeun panyakit-panyakit anu nyerang kana akidahna. Ku hal sakitu, hate anu sehat mah bakal gampang narima kana obat sareng bakal berusaha nyingkirkeun panyakit-panyakit anu eunteup dina dirina.

Saterasna, di antara tanda-tanda hate anu gering teh nyaeta malengos tina kadaharan anu halal sareng maslahat kana kadaharan anu teu halal sareng ngabahayakeun, malengos tina obat anu matak nyehatkeun kana perkara anu matak nambahan panyakit. Sabalikna, hate anu sehat mah nyaeta hate anu mentingkeun obat anu matak nyehatkeun sanajan pait daripada bertahan dina peurihna panyakit. Saenya-enyana pang hade-hadena kadaharan eukeur hate nyaeta kaimanan, oge pang hade-hadena obat eukeur hate nyaeta Al-Quran.

Tanda hate anu sehat salajengna nyaeta bergerak ninggalkeun alam dunya menuju alam akherat. Sanajan masih kumelenang di alam dunya, hate anu sehat mah bisa nempatkeun diri salaku ahli jeung pejuang akherat. Sanajan masih di dunya, anjeuna saperti terasing. Nyandak hancengan dunya sakadar nyukupi kabutuhan, sanes ngayonkeun nafsu jeung kahayang, teras ngarahkeun tujuannana keur ngahontal kabagjaan anu lana di negeri kaabadian. Hal ieu sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul dina hadisna, sawaktos nyepeng salah sawios anggahota badanna:

  يَا عَبْدَ اللَّهِ كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيبٌ أَوْ عَابِرُ سَبِيلٍ، وَاعْدُدْ نَفْسَكَ مَعَ الْمَوْتَى  

Hartosna, “He hamba Alloh, di dunya teh ieu anjeun kudu jadi jalma asing atawa jadi jalma anu ngaliwat perjalanan. Satuluyna anjeun persiapkeun diri nyanghareupan kamatian,” (HR. Ahmad).

Benten deui sareng hate anu gering. Hate anu gering mah salawasna mentingkeun haliah dunya. Nuturkeun hawa nafsu sareng poho piakherateun. Akibat poho ka alam akehrat, tingkah manehna saolah-oleh rek hirup di dunya salilana.

Benten pisan sareng hate anu sehat. Anjeuna sadar yen kahirupan dunya mah ukur permainan sareng kaheureuyan, sementawis kahirupan akherat eta kahirupan aku leuwih alus keur jalma anu tarakwa, sakumaha anu diuningakeun dina Al-Quran:  

 وَمَا الْحَياةُ الدُّنْيا إِلاَّ لَعِبٌ وَلَهْوٌ وَلَلدَّارُ الْآخِرَةُ خَيْرٌ لِلَّذِينَ يَتَّقُونَ أَفَلا تَعْقِلُونَ

Hartosna, “Teu pati-pati kahirupan dunya kacuali permainan sareng kaheureuyan, sementara kahirupan akherat eta leuwih alus keur jalma anu takwa. Naha anjeun teu berpikir?” (QS. Al-Anam [6]:33).

Salajengna, hate anu sehat mah salawasna emut kanu Kagungan, dugika waktosna mulang ka Alloh swt, salamina tawadhu di payuneun-Nana, gumantung ka Anjeunna, saperti gumantungna hiji jalma ka kabogohna. Alhasil, hate anu sehat mah jauh tina sifat sombong jeung takabur. Malahan, ku sifat gumantung ka Alloh nu aya dina dirina, manehna ngarasa teu perlu mika cinta anu sejen, teu perlu merhatikeun kana dunya, da dunya mah ibarat jalan eukeur meuntas, lain keur dijadikeun tujuan. Sakalipun manehna kudu mikacinta dunya, maka mika cintana pasti karena Alloh, lain karena nafsu.

Tanda hate sehat saterasna nyaeta nalika ngaliwatan hiji kahadean atawa hiji kataatan, anjeuna bakal hanjakal leuwih ti hanjakal ku sabab kaleungitan harta banda.

Hate anu sehat mah salawasna bakal migandrung kahadean jeung kamulyaan akherat layakna jalma lapar anu migandrung kadaharan jeung minuman. Anjeuna ngarasa bungah nalika tiasa ibadah sareng kumaula ka Alloh. Sahingga naon wae anu datang ti Mantenna, bakal ditarima kalayan karidoan sareng kaikhlasan.

Kaitan sareng hal ieu, Yahya bin Mu’adz pernah sasauran, “Jalma anu resep kumaula ka Alloh, maka naon wae sareng saha wae bakak resep kumaula ka dirina. Jalma anu resep hatena ka Alloh, maka sagala rupa bakal resep ningal ka manehna.”

Salian ti eta, perhatian hate anu sehat ukur hiji, nyaeta Alloh dina kataatan. Sieun keleungitan waktu sasarengan jeung Alloh. Anjeuna sieun waktuna kabuang sia-sia. Sabab, jalma nu sok nyia-nyiakeun waktu teh kaasup jalma anu rugi, sakumaha dina surah al-Ashr:

وَالْعَصْرِ ، إِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ ، إِلَّا الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ  

Hartosnna, “Demi waktu, saenya-enyana manusa eta aya dina karugian, kecuali jalma-jalma anu iman, migawe amal soleh, sareng silih wasiatan dina hak sareng dina kasobaran,” Al-Ashr [103]: 1-3).

Nalika datang waktu solat, hate anu sehat mah perhatiannana leupas tina haliah dunya, sabab hayang asup ka jero katenangan, kani’matan, sareng kakhusyuan. Anjeuna teu pernah laley tina dzikir ka Alloh, teu pernah bosen kumaula ka Alloh, teu pernah lesot nyobat sareng Alloh, teu pernah nyobat kecuali jeung jalma anu tiasa nunjukkeun sareng ngelingan dirina ka Alloh.

Perhatiannana museur kana ngomean amal sareng midamel amal anu pang sae-saena. Saatosna kitu, anjeuna nyusul eta amal ku kaikhlasan sareng kapasrahan ka Alloh swt. Teu pernah kagok nyuhunkeun nasehat ka ahli nasehat. Teu pernah leupas ningal sagala rupi nu ditampina salaku karunia sareng rezeki Alloh, sementara ningal dirina pinuh ku kakurangan sareng kalaleyan dina nyumponan hak-hak Alloh. Anjeuna masrahkeun sadaya amal sabari pinuh ku kasadaran yen diri teu aya daya tur kakiatan anging pitulung Alloh.

Anapon anu matak ngaruksak kana hate, pang saalitna aya opat perkara: kahiji seueur ngawangkongkeun perkara anu teu aya maknana, kadua seueur ningal perkara anu teu guna, katilu seueur barang dahar sanajan anu didaharna kadaharan anu halal, kaopat seueur bergaul sareng jalmi-jalmi anu jauh jeung Pangeranna.

Terakhir, hate anu paeh sakumaha dicirian ku Al-Quran nyaeta hate jalma-jalma anu kufur. Teu ngaku Alloh salaku pangeran. Sumawona lamun taat lamun daek nauhidkeun.

Ari perkara anu matak nyehatkeun jeung ngahirupkeun hate, sakumaha anu parantos didugikeun di luhur nyaeta seueur ngaos Al-Quan, dzikir ka Alloh, ngadoa, ngaos sholawat, seueur istigfar, midamel solat wengi, reureujeungan sareng jalmi soleh, sareng sajabina.

Mudah-mudahan urang sadayana dipaparin hate anu sehat, sareng bersih tina sagala rupi sifat anu tercela, terutami kayakinan anu goreng ka Alloh. Langkung jelasna tiasa ditingal kitab Tazkiyatun Nafsi kagungan Syekh Ahmad Farid, halaman 21 dugika 46.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ  

Khutbah II

  اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ   اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.  اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ   عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ  

(Disadur dari NU ONLINE, oleh Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat).

Contoh 3: Panyakit Paling Bahaya

Khutbah I

اَلْحَمْدُللهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ, اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِاْلاَمِيْنُ, اَللّهُمَّ فَصَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ, فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُواللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ . ٱلَّذِينَ تَتَوَفَّىٰهُمُ ٱلۡمَلَٰٓئِكَةُ ظَالِمِيٓ أَنفُسِهِمۡۖ فَأَلۡقَوُاْ ٱلسَّلَمَ مَا كُنَّا نَعۡمَلُ مِن سُوٓءِۢۚ بَلَىٰٓۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمُۢ بِمَا كُنتُمۡ تَعۡمَلُونَ ٢٨ فَٱدۡخُلُوٓاْ أَبۡوَٰبَ جَهَنَّمَ خَٰلِدِينَ فِيهَاۖ فَلَبِئۡسَ مَثۡوَى ٱلۡمُتَكَبِّرِينَ

Hadirin Ahli Jum’ah rahimakumullah

Sombong mangrupa salasahiji panyakit rohani anu kacida hésé diobatanana, lamun ges nerap kahiji jalma.

Sombong éta tisipatan iblis nyaéta saperti ngarasa diri paling mulya, paling gagah, paling kuat, paling loba kahadéan. Ku ayana perasaan éta moal canggung-canggung bakal nganggap handap jeung enteng ka batur. Perasaan sombong akhirna kaluar lewat obrolanana, égo dina sagala rupa hal, kaluar obrolan-obrolan saperti :

“Tah ieu Aing! Mun teu aya Aing mah!, Saha téa kuring!, Bisa naon manéhna!, Boga naon manéhna!“

Ciri-ciri jalma sombong, lamun ngariung jeung batur biasana sok nonjolkeun dirina, dina babadamian ngarasa kaéraan lamun pamanggihna ditolak atawa teu kapake.

Lamun dinasehatan tara narima, sabalikna lamun nganaséhatan maké cara kasar, lamun ditolak naséhatna terus ngambek jeung nyarékan.

Manusa kudu apal jeung ngarti, yen jalma anu hadémah jalma anu hadé numutkeun paningal ajaran Islam, nu saé isukan diakherat, sedeng hal éta téh teu aya anu terang, ngan Allah Ta’ala wungkul anu uninga, anu husnul khotimah.

Ari cara ngaleungitkeun panyakit sombong dina haté, sakumaha anu dijelaskeun ku Imam Al-Ghazali anu mangrupi cariosan Sultonul Auliya Syekh Abdul Qodir Jaelani qoddasallohu sirroh, nyaéta:

Di mana-mana ningali budak alit, sanaos ka putra nyalira, kedah ngarasa yén éta murangkalih téh can gaduh dosa saeutik-eutik acan, sedengkeun sorangan mah tos seueur migawé dosa, margi dina dasarna manusa moal luput tina gawé maksiat ka Allah Ta’ala. Jadi ku kituna, yakin yén éta murangkalih langkung saé batan diri urang.

Di mana-mana ningali sepuh, maka kedah gaduh peraosan yén éta jalmi sepuh tos ti heula ibadahna ka Allah, diri mah can lahir, sedeung éta sepuh tos seueur ibadahna. Maka teu diragukeun deui éta jalmi langkung saé batan dirina nyalira.

Upami ningali jalmi nu ngagaduhan elmu (ajengan/kiai), sakuduna ngarasa yén éta jalmi téh jalmi pinter, tangtos seueur dipasihan elmu ku Gusti Allah anu sorangan mah can dipasihan can nepi jeung can ngartos, sehingga ajengan/kiai tiasa sukses jeung ngartos pangalaman sarta rupa-rupa elmu.

Kukituna dirina moal mungkin tiasa nandinganana, sahingga tangtosna éta kiai/ajengan ngagaduhan kaunggulan dibanding dirina sorangan.

Lamun ningali jalma bodo, kedah ngarasa yén anu bodo seueur salahna jeung dosana teh lantaran ku kabodoanana.

Sedeungkeun diri sorangan anu dipasihan élmu ku Allah Ta’ala tapi hanjakal masih resep jeung seueur kénéh doraka, seueur kénéh ngalakonan dosa. Tangtos tuntutan Allah kadirina di akherat lewih berat batan jalma anu bodo.

Ditambah teu apal, kumaha akhir kahirupan jalma bodo jeung kumaha akhir kahirupan diri.

Lamun ningali jalma kafir, nonmuslim, tetep kedah ngarasa yén teu apal kalawan yakin tiasa jadi isuk atawa jaganing geto jadi jalma Islam, satuluyna dina akhir kahirupanana migawé amal soleh anu jadi cukang lantaran dihampura sadaya dosana ku Allah, kenging curahan maghfirah Allah, saé akhir hirupna, kenging ganjaran ti Allah tina margi tobatna di tampi ku Allah.

Sedengkeun dirina mungkin baé migawé kajahatan dina tungtung umur, jadi jalma goreng tungtung, imanna teu kacandak maot (Na’udzubillahi min dzalik).

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah

Sombong teh kalakuan iblis, anu jadi sabab manehna jeung balad-baladna (syetan) meunang bebendon Allah, isukan bakal jadi ahli naraka.

قَالَ أَنَا۠ خَيۡرٞ مِّنۡهُ خَلَقۡتَنِي مِن نَّارٖ وَخَلَقۡتَهُۥ مِن طِينٖ

“Iblis ngajawab: “Aing leuwih alus batan manehna (Adam). Gusti ngayugakeun seuneu, sareng Gusti ngayugakeun manehna tina taneuh”. (Surat Shod: 76)

Muga-muga urang sadaya dijauhkeun tina sifat sombong sangkan hirup sareng hurip urang dipikaridha ku Allah SWT. Amiin.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَا بِكَثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ.اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِ ابْنِ عَبْدِ اللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُو اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

(Disadur dari PCNU Cilacap, oleh Jamal Shidiq dengan Penyelaras Bahasa oleh Imam Hamidi Antassalam).

Rekomendasi

0 Komentar

Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.